Senin, 30 Januari 2017

Pupuh





Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding


, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Macam-macam pupuh



Pupuh aya tujuh welas rupa:
  • Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah. 
  • Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol. 
  • Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan. 
  • Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget. 
  • Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri. 
  • Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung. 
  • Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun. 
  • Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah. 
  • Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana. 
  • Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan. 
  • Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté. 
  • Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan. 
  • Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat. 
  • Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul ku lantaran teu panuju haté. 
  • Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh. 
  • Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan. 
  • Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran. 


Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeungDangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaétaBalakbak,Durma,Gambuh, Gurisa, Jurudemung,Lambang, Ladrang,Magatru, Maskumambang,Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wiragrong

Tidak ada komentar:

Posting Komentar